Ada yang bingung nyari pidato perpisahan kelas IX dengan bahasa sunda ?? Ini ada contoh pidatonya,semoga bermanfaat !
Assalamualaikum,wr,wb..
Langkung ti payun
neja ti heula,hayu urang sami-sami manjatkeun puji sinareng sukur ka Allah SWT
nu tos maparinan ni’mat iman sareng ni’mat sehat wal’afiat ku kituna urang
tiasa kumpul di ieu tempat.Shalawat sinareng salam pamugi dicurahkeun ka
junjungan urang sadaya,Habibana wa Nabiana,Muhammad SAW.Sareng sahabatna sareng
pangiringna dugikeun ka
akhir zaman.Nu dipihormat ku sim kuring,Ibu kepala sakola SMPN 01 Klapanunggal
sareng bapa ibu guru sadaya.Sareng rerencangan sadaya nu tiasa hadir di ieu
tempat.Teu lepat sim kuring ngahaturkeun nuhun ka pembawa acara nu parantos
masihan waktos pikeun sim kuring macakeun ieu biantara.
Hadirin
nu dimuliakeun ku Allah,dina waktos ayeuna sim kuring salaku wawakil ti kelas
IX bade nyuhunkeun rewu nuhun ka bapa ibu guru sadaya nu tos ngabimbing urang,
ngatik urang,negor urang manawi urang salah nepikeun urang sadaya tiasa
namatkeun sakola di smp.Tilu taun babarengan,tangtu aya suka sareng duka dina
proses milarian elmu,sadayana teu tiasa dilupakeun,nu pasti jadi kenangan dina
kahirupan urang sadaya.
Bapa ibu guru sadaya,sakedap deui sim
kuring sareng rerencangan bade ninggalkeun ieu sakola pikeun neraskeun ke
jenjang pendidikan nu salanjutna.Jadi,urang sadaya bade nyuhunkeun pidu’ana ti
bapa ibu sadaya mugi tiasa neraskeun ka sakola nu dipikahoyong ku urang
sadaya,amin.
Ka rerencangan kelas VII sareng kelas
VIII sim kuring sareng rerencangan bade nyuhunkeun hampura pikeun ucapan sareng
perilaku nu kirang merenah dina hate.Urang sadaya mibogaan harepan pikeun
rerencangan kelas VII sareng kelas VIII ku kituna tiasa ngabagjakeun sakola
ngaleuwihan sim kuring sareng rerencangan.
Rupina cekap sakieu pedaran ti sim
kuring,kirang langkungna mugi dihpunteun.Wabillahi taufik wal hidayah Wa ridho
wal inayah.
Wassalamualaikum,wr,wb.
Wasta : Nurul Ayu
Kusumaningtyas
Kelas : IX.D
4 komentar:
hey mau nanya, kalau doa pembuka nya pidato apa ya? makasih
asshadualailahailallah waashaduanamuhammadrrasulullah
Terima Kasih kak Ayu atas pidatony,sya skrang kls IX C taun 2016/2017. Kak lulusan nekal taun brapa?
Casino: Slots, Table Games, Poker, Sports Betting, and More
Discover the hottest slot machines, table games, and poker 김천 출장샵 tournaments around. Slots 목포 출장안마 and Roulette are a new 서산 출장마사지 kind of game at Bovada. 영천 출장마사지 Bovada Poker offers players 김해 출장마사지
Posting Komentar