Powered By Blogger
Diberdayakan oleh Blogger.

Arsip Blog

RSS

Pidato Paturay Tineung



 Ada yang bingung nyari pidato perpisahan kelas IX dengan bahasa sunda ?? Ini ada contoh pidatonya,semoga bermanfaat !



Assalamualaikum,wr,wb..

 Langkung ti payun neja ti heula,hayu urang sami-sami manjatkeun puji sinareng sukur ka Allah SWT nu tos maparinan ni’mat iman sareng ni’mat sehat wal’afiat ku kituna urang tiasa kumpul di ieu tempat.Shalawat sinareng salam pamugi dicurahkeun ka junjungan urang sadaya,Habibana wa Nabiana,Muhammad SAW.Sareng sahabatna sareng pangiringna dugikeun ka akhir zaman.Nu dipihormat ku sim kuring,Ibu kepala sakola SMPN 01 Klapanunggal sareng bapa ibu guru sadaya.Sareng rerencangan sadaya nu tiasa hadir di ieu tempat.Teu lepat sim kuring ngahaturkeun nuhun ka pembawa acara nu parantos masihan waktos pikeun sim kuring macakeun ieu biantara.
       Hadirin nu dimuliakeun ku Allah,dina waktos ayeuna sim kuring salaku wawakil ti kelas IX bade nyuhunkeun rewu nuhun ka bapa ibu guru sadaya nu tos ngabimbing urang, ngatik urang,negor urang manawi urang salah nepikeun urang sadaya tiasa namatkeun sakola di smp.Tilu taun babarengan,tangtu aya suka sareng duka dina proses milarian elmu,sadayana teu tiasa dilupakeun,nu pasti jadi kenangan dina kahirupan urang sadaya.
       Bapa ibu guru sadaya,sakedap deui sim kuring sareng rerencangan bade ninggalkeun ieu sakola pikeun neraskeun ke jenjang pendidikan nu salanjutna.Jadi,urang sadaya bade nyuhunkeun pidu’ana ti bapa ibu sadaya mugi tiasa neraskeun ka sakola nu dipikahoyong ku urang sadaya,amin.
      Ka rerencangan kelas VII sareng kelas VIII sim kuring sareng rerencangan bade nyuhunkeun hampura pikeun ucapan sareng perilaku nu kirang merenah dina hate.Urang sadaya mibogaan harepan pikeun rerencangan kelas VII sareng kelas VIII ku kituna tiasa ngabagjakeun sakola ngaleuwihan sim kuring sareng rerencangan.
       Rupina cekap sakieu pedaran ti sim kuring,kirang langkungna mugi dihpunteun.Wabillahi taufik wal hidayah Wa ridho wal inayah.
                                                                                                                                                     

Wassalamualaikum,wr,wb.       


Wasta : Nurul Ayu Kusumaningtyas 
Kelas  : IX.D                                                                                                           

  • Digg
  • Del.icio.us
  • StumbleUpon
  • Reddit
  • RSS

4 komentar:

Rizga Meutia mengatakan...

hey mau nanya, kalau doa pembuka nya pidato apa ya? makasih

Unknown mengatakan...

asshadualailahailallah waashaduanamuhammadrrasulullah

Unknown mengatakan...

Terima Kasih kak Ayu atas pidatony,sya skrang kls IX C taun 2016/2017. Kak lulusan nekal taun brapa?

zatthuzahm mengatakan...

Casino: Slots, Table Games, Poker, Sports Betting, and More
Discover the hottest slot machines, table games, and poker 김천 출장샵 tournaments around. Slots 목포 출장안마 and Roulette are a new 서산 출장마사지 kind of game at Bovada. 영천 출장마사지 Bovada Poker offers players 김해 출장마사지

Posting Komentar