Ada yang nyari drama basa sunda ?? Bingung yaa ?? hehehe,ini ada contoh drama basa sunda,aku lhoo yang buat,keep reading !!
Kacaritakeun di hiji kulawargi,salaki
pamajikan nu sibuk ku pagaweanna,unggal poe balik peuting nepikeun budakna tara
ka urus.Hiji mangsa,bapa jeung ibu keur pasea.
Ibu : (balik
ti kantor leuwih peuting ti bapa) “Assalamualaikum”
Bapa :
“Waalaikumsalam, sibuk pisan sigana mah.Tempo geus jam sabaraha yeuh! Anjeun teh
awewe,teu pantes pisan! “
Ibu : “Nembe
uih lah ti kantor,aneh bapa mah.” (Babari indit )
Bapa :
(narik leungeun ibu ) “Heh,dieu heula anjeun,bapa teh keur ngomong! “
Ibu : “Aya
naon sih,tumben pisan bapa tunya-tanya.Tos ah,cape ibu bade istirahat.”
Bapa :
“Unggal poe balik peuting,neangan naon sih ibu teh,emang teu cukup penghasilan
bapa? Tempo tah budak,meuni teu kaurus!”
Pas bapa ibuna keur pasea,si Oman
datang ti mushola tos ngaji
Oman :
(ngetok panto) “Assalamualaikum”
Kusabab teu aya nu nembalan,si Oman
langsung asup ka imah.Anjeunna ningali bapa jeung ibuna keur pasea.
Oman :
(ngagurutu) “Pasea deui..Pasea deui.. Iraha rek akurna? “
Oman ngadekeutan bapa
jeung ibuna,babari salim.
Oman : (Salim ka bapa jeung ibuna) “Pasea wae pa,bu,iraha
atuh rek akur siga baheula? “
Bapa : “ Budak leutik ngiluan urusan kolot,indit siah! “
Si Oman indit ka
dapur,nyamperkeun Teh Siti nu sok bebersih imah.
Teh Siti : “Aya naon den? “ (sabari diuk ngadekeutan Oman)
Oman : “Biasa teh,pasea deui.”
Teh Siti : “Bapa jeung ibu den?” (Bari nyiapkeun piring
paranti Oman emam)
Oman : “ Enya atuh teh saha
deui,rieut Oman lila-lila mah.”
Teh Siti : “ Tong dipikiran
den,ayeuna mah emam heula geus kitu bobo,isukan pan rek sakola”(Bari merekeun
piring ka Oman)
***
Isukna Oman angkat ka sakola tapi masih keneh mikiran bapa jeung ibuna nu
unggal poe pasea.Sanggeus nepi ka sakola, si Maman,babaturan si Oman nu ningali
beungeut si Oman kos nu keur loba pikiran nyamperkeun si Oman.
Maman : “Langit cerah pisan nya man
poe ieu,tapi asa aya nu mendung.”
Oman : “Mendung? Mendung naon?! “
Maman : “ Eta bengeut maneh Oman,isuk
keneh yeuh,keur loba pikiran? “
Oman : “ Teu..teu ku nanaon “
Maman : “ Ah ulah sok kitu,urang teh
babaturan maneh meureun.”
Oman : “ Eum..kumaha nya? “
Maman : (nyikut lengeun Oman ) “Geus
buru carita, “
Oman : “Ah maneh mah kepo pisan.Heueuh
urang rek carita,tapi teu didieu.”
Maman “ Sok atur lah kumaha maneh we”
Si Oman ngajak si Maman ka tukangeun kantin,anjeunna nyaritakeun masalahna ka si Maman.
Maman : “ Geura atuh,ceunah maneh
carita.”
Oman : “ Jadi kieu man…………. “
Pas si Oman jeung si Maman keur carita,si Ika nu tos balik ti kamar mandi liwat, anjeunna nguping omongan si Maman jeung si Oman.
Ika : “ Oh,jadi kulawargina si Oman
keur aya masalah..”
Si Ika balik deui ka kelas , terus bel sakola bunyi .
[DI JERO KELAS]
Oman ; “pelajaran naon ayeuna?”
Dudi: “Ehm, ayeuna pelajaran
sejarah!”
Oman : (bari ngaluarkeun buku) “oh sejarah nya!”
Maman: “Ah sejarah mah sok nundutan.
Kaluar yu man ?”
Oman; “Rek kamana? Geus asup
meureun.”
Maman ; “Kaluar weh atuh.” “Ka,,
lamun aya bu guru bejakeun weh urang jeung si Oman keur ka toilet nya?”( Bari
ngomong ka Ika)
Ika
: “Oh ,muhun. Tong lila teuing”
Si Oman jeung si Maman kaluar kelas , teu lila bu guru asup ka kelas .
Bu
Guru : “Assalamualaikum!”
Ika jeung Dudi : “Waalaikumsalam
wr.wb”
Bu Guru : “Sok barudak , buka buku
sejarah na dina kaca 13”
Pelajaran geus di mulai , tapi si Oman jeung si Maman can balik keneh ti toilet . Bu guru keur ngabsen barudak
Bu Guru : “Dudi?”
Dudi: “Hadir bu!”
Bu guru : “Ikaa??”
Ika : “Hadir bu.”
Bu guru : “Maman?”
Ika : “Nuju ka toilet bu sareng Oman
“
Bu guru: “Ka toilet?? Ti iraha?”
Dudi: “Tos ti tadi bu!”
Bu guru: “Tos ti tadi ? Geuning can
balik?”
Sanggeus bu guru nanya , si Oman jeung si maman asup ka kelas . maman jeung oman ngetok panto
Maman jeung Oman : “Assalamualaikum”
Bu guru: “Waalaikumsalam. Eleuh-eleuh timana wae
barudaak?”
Maman : “Ti peungker bu!”
Si oman jeung si maman balik diuk ka tempat na .
Bu guru : “Saha nu nitah diuk? Nangtung
di hareup neupi bel balik sakola!”
Si oman jeung si maman nangtung di hareupun kelas nepi ka bel balik sakola .
[Bel Balik Sakola]
Maman : “ Bu,ieu pan tos jam balik
sakola,atuh maenya abdi sareng Oman masih keneh nangtung?”
Bu Guru : “ Muhun,ayeuna Maman jeung
Oman tiasa calik.Tapi,isukan teu kenging diulangi deui nya?”
***
Maman jeung Oman balik ti sakola
leumpang mapay jalan duaan.Tapi,di jalan si Oman massih keneh mikiran masalah bapa areng ibuna nu unggal
poe masih pasea.
Oman : “Kumaha carana nya ?” (Bari
ngahuleung)
Maman : “ Masih mikiran indung jeung
bapa anjeun Man? Hirup mah dibawa santai we Man,tong pati dipikiran.Mun ceuk
budak Jakarta mah Woless we Man”
Oman : “ Rek santai kumaha atuh Man?
Unggal poe abdi ningali bapa jeung ibu abdi pasea,matak rieut jadina”
Maman : “ Kieu wae atuh,anjeun bade
teu ka tempat babaturan abdi,sigana anjeunna tiasa nyeleseikeun masalah Oman.”
Oman : “ Hah? Nu bener Man ? Hayu
atuh,ka saha emang?”
Maman : “ Engke we atuh tingali ku
anjeun sorangan”
Sanggeus eta,si Maman nu ayeuna tos jadi budak badeur mangaruhan si Oman ambeh nepangan babaturanna nyaeta si Dudung,nu tos lami jadi preman nu nguasaan wilayah pasar anyar.
Maman : “Hoi bro Dudung! Tingali yeuh
saha nu datang ! “ (Bari nepuk pundak Dudung)
Dudung : (reuwas) “Eh maneh
Maman,kamana wae siah? Ieu babaturan maneh Man?”
Oman : (nyerengeh) “Muhun,abdi
babaturanna Maman”
Maman : " Heh ieu babaturan
urang,si Oman nu urang caritakeun kamari,Dung.Pangaruhan manehna neupikeun
gabung ka urang,pan manehna jalma beunghar,engke urang manpaatkeun,ngarti
maneh? “ (ngaharewos ka Dudung)
Dudung : “ Sip lah,atur we ku maneh
Man “ (Balik ngaharewos ka Maman)
Maman : “Oman ieu babaturan urang,si
Dudung ngaranna.Sok atuh calik man,tong sieun Man,si Dudung mah geus lindeuk”
(bari seuri)
Dudung : “ Dieu maneh,eh,saha teh
ngaranna Man ?”
Maman : “ Ngaranna Oman,Dung”
Dudung : “ Eh heueh,alus sih
nya,Maman jeung Oman siga nu kembar,hahaha” (bari seuri)
Maman : “ Bisa wae maneh Dung,cik Man
caritakeun pasualan maneh ka si Dudung”
Oman : “ Yakin maneh Man ? Teu yakin
urang mah mun ditingali ti penampilanna”
Maman : “ Tenang wae,teu bakal betus
ieu rusiah maneh,Man.Urang pan geus biasa carita ka si Dudung“
Dudung : “ Ieu atuh inum heula,Man”
(Bari merekeun cai pikeun nginum si Oman )
Oman : (nginum) “Jadi kieu Dung……..”
Teu lila sanggeus nginum,si Oman mulai kapangaruh si Maman jeung si Dudung,teu karasa waktu geus burit,si Oman karek sadar sanggeus kadangu adzan maghrib.
Oman : “ Astagfirullah,geus burit sih,Man
! Urang balik yu !”
Maman : “ Imah anjeun pan tebih pisan
Man ti dieu.Geus lah ngendong heula di dieu.”
Oman : “ Ehm,kumaha nya ? Engke mun
Bapa sareng Ibu urang milarian urang kumaha Man?
Maman : “ Emang yakin anjeun masih
keneh dipilarian ku indung jeung bapa anjeun?”
Oman : “ Tapi pan…….”
Maman : “ Geus lah tong loba
omong,ngendong heula di dieu nya,ngan sapeuting ieu.”
Oman : “Enya atuh abdi bade ngendong
di dieu.”
Si Oman mulai kapangaruh si Maman jeung si Dudung.Si Oman ayeuna jadi budak badeur,kusabab pangaruh si Maman jeung si Dudung.
***
[ ISUKNA DI SAKOLA ]
Ika : “ Asa tiiseun pisan kelas teh
nya Dud?”
Dudi : “ Muhun ka,tos jam sakieu, si
Maman sareng Oman can datang keneh.”
Ika : “ Sigana mah si Oman teh tos
kapangaruh ku si Maman,da si Maman teh budak badeur tapi si Oman pan budak bageur.”
Dudi : “ Hus,ulah sok suudzon kitu
lah,Ka.Meureun si Oman jeung si Maman telat.”
Teu lila Bu Guru asup ka kelas.
Bu Guru : “ Assalamualaikum,”
Dudi jeung Ika : “
Waalaikumsalm,wr,wb”
Bu Guru : “ Ika,si Oman jeung si
Maman can datang?”
Ika : “ Teu acan datang bu”
Bu Guru : “Aya nu ningali Oman jeung
Maman ?”
Dudi : ” Kamari abdi ningali Oman
sareng Maman balik duaan,aranjeuna leumpang ka arah Pasar Anyar,bu”
Bu Guru : “Oh kitu,mudah-mudahan
isukan aranjeunna tiasa asup sakola nya.Sok ayeuna di buka bukuna kaca dua
puluh”
***
[ DI IMAH OMAN ]
Oman : “ Assalamualaikum” ( bari
ngetok panto)
Teh Siti : “Waalaikumsalam,antosan
sakedap den” ( nyamperkeun Oman ka payun bade ngabukakeun panto)
Oman : “Teh,bapa sareng Ibu teu acan
wangsul ti kantor?”
Teh Siti : “Teu acan den,tapi ari
bapa mah aya pagawean ceunah di luar kota,sigana mah ka Jakarta”
Oman : “ Oh,kitu nya teh”
Teh Siti : “Muhun den,bade nginum
naon den,ku teteh di pangnyieunkeun”
Oman : “ Cai herang nu tiis wae teh”
Teh Siti angkat ka dapur rek nyandak cai herang paranti Oman nginum.
Teh Siti : “ Ieu den caina,punten den
teteh bade nanya,teu nanaon?”
Oman : “ Hatur nuhun teh,bade nanya
naon?”
Teh Siti : “Aden ayeuna teu sakola
nya? Kamari ibu milarian aden,tapi ku teteh bere beja aden tos bobo di kamar”
Oman : “ Oh,kamari Oman ngendong
sapeuting di bumina babaturan Oman,di Pasar Anyar”
Teh Siti : “ Pasar Anyar? Geuning
tebih pisan den? Atuh ayeuna aden teu sakola nya?”
Oman: “ Nah,ku mantak tebih atuh
jadina Oman telat angkat ka sakolana”
Teh Siti : “Oh kitu den,teteh ka
dapur heula nya,bade masak”
Oman : “ Sok atuh teh”
Teu lila ti Teh Siti angkat ka dapur,si Maman nelepon ka si Oman.
Maman : “ Oman,geura kadieu
yeuh,diantos pisan anjeun ku si Dudung!”
Oman : “ Aya naon sih emang? Arek
istirahat tadina mah ieu teh.”
Maman : “ Hih,buru penting ieu teh!”
Oman : “ Heueuh lah,urang mangkat
yeuh ayeuna! Di imahna si Dudung pan? Di Pasar Anyar?”
Maman : “ Nya atuh di mana deui
imahna si Dudung? Buru diantos pisan!”
Teh Siti nu teu acan nepi ka dapur nguping omongan si Oman sareng si Maman.Anjeunna jadi terang saha nu tos mangaruhan Oman nepikeun jadi budak badeur siga ayeuna.
Oman : “ Teh,Oman angkat heula. Lamun
Ibu milarian,bejakeun Oman nuju kerja kelompok !”
Teh Siti : “ Eh,kerja kelompok Kamana
aden?”
Oman : “ Geus lah,ulah loba
Tanya,nejakeun we kitu ! “
Teh Siti : “ Oh,muhun atuh den..”
Oman angkat ka bumina Dudi pas pisan jeung jam kaluar sakolana,Oman teu sadar manehna aya nu ningalikeun ti tadi,nyaeta Bu Guruna.
Bu Guru : “ Ika,coba tingali,eta si
Oman lain?”
Ika : “ Nu mana bu ?”
Bu Guru : “ Eta nu keur meuntas
jalan”
Ika : “ Oh muhun sigana mah,bu. Tapi
bade kamana nya anjeunna naek angkot jurusan Pasar Anyar?”
Bu Guru : “ Teu terang ibu ge
Ika,sigana mah bener nu ditingali ku Dudi kamari”
Ika : “ Bisa jadi bu,anjeunna bade ka
bumi dulurna bu.”
Bu Guru : “ Bener oge,bisa jadi eta
ge ka.Ika,eta angkot 56 na geus datang,geura naek.”
Ika : “ Oh muhun bu,Ika ti payun
nya,Assalamualaikum..”
Bu Guru : “ Waalaikumsalam,ka”
Sanggeus Ika naek angkot,Bu Guru nelepon ka bumina Oman,rek mastikeun yen si Oman aya di bumina.
Bu Guru : “ Assalamualaikum,halo.Dupi
ieu bumina Oman?”
Teh Siti :”Waalaikumsalam.Leres pisan
ieu bumina Oman.Punten,ieu sareng saha nya?”
Bu Guru: “ Abdi wali kelasna Oman,ieu
sareng sahana nya?”
Teh Siti :” Abdi Siti,nu sok babantu
beberes di bumina Oman,bu. Aya peryogi naon nya?”
Bu Guru : “Aya kolotna Oman teu teh
?”
Teh Siti : “Teu aya bu,bapa sareng
ibuna teu acan mulih ti kantor.”
Bu Guru : “Oh kitu,bade tumaros
teh,Oman na aya di bumi teu?”
Teh Siti:”Den Oman na tadi angkat ka
bumi babaturanna di Pasar Anyar,ceunah mah aya tugas kelompok,bu”
Bu Guru : “ Oh kitu,sampekeun wae
salam ka Oman ti Bu Guruna kitu,Assalamualaikum..”
Teh Siti : “Waalaikumsalam..”
***
[DI BUMINA DUDUNG]
Dudung : “Mana Maman si Oman teh?
Geus jangji lain rek ka dieu?’
Oman : “Dung..Dudung !!”
Maman : “Tah geuning budakna geus
datang.”
Dudung : “Jam sabaraha yeuh? Pan
urang nitah maneh kadieu jam dua,ieu mah jam tilu atuh”
Oman : “Hampura pisan bro Dudung,tadi
macet dijalanna”
Maman : “Wah,lamun telat mah aya
hukumanna Man,bener teu Dung?” (Bari ngalieuk ka Dudung)
Dudung : “Bener pisan Man,hukumanna
naon nya?”
Oman : “ Aduh Maman,hampura atuh.”
Dudung : “Kieu wae atuh,upahan wae
urang duaan nu tos nungguan maneh ti tatadi”
Oman : “Di upahan ? Make naon?”
Maman : “Tah,satuju pisan urang mah
dung! Cik geura pangmeserkeun sangu padangna!”
Oman : “..”
Dudung : “Heh,geura pangmeserkeun
sangu padangna ! Lila-lila teuing !”
Si Oman nu dasarna budak bageur,nurut wae dititah-titah ku Maman jeung Dudung,Maman jeung Dudung ngarasa bungah kusabab aranjeunna ayeuna ngabogaan ‘pabrik duit’ anyar.
Maman : “Naon ceuk urang ge Dung,bisa
dimanpaatkeun pan si Oman teh,haha” (Bari seuri)
Dudung : “Alus lah,jadi ayeuna artos
ti hasil nyegatan batur utuh keneh,haha”
Dudung : “ Untung diingetan,urang
arek digawe heula ah,Engke lamun si Oman datang,ulah di candak siah jatah
urang!”
Maman : “Tenang wae atuh Dung..”
Ku lantaran si Oman can datang-datang,si Dudung indit arek ngalakukeun kebiasaanna,nyaeta mentaan artos ti jalma nu liwat di hareupeun kios kosong,pas kitu si Ika,babaturanna Oman liwat,
Ika : “Punten mang..”(Bari liwat di
hareupeun Dudung)
Dudung : “Mamang,mamang,emang urang
mamang siah!”
Ika : (liwat mae bari teu ngomong
nanaon)
Dudung : “Heh,bade kamana neng
geulis?? Buru –buru pisan sigana mah..” (Bari ngahalangan si Ika ambeh teu
tiasa liwat)
Ika : “Ih,cicing geura!”( Bari indit
bade ninggalkeun Dudung)
Dudung : “Nitah cicing ? Goceng heula
atuh..”
Ika : “ Yeuh ! Geus cekap pan,buru
lepaskeun !”
Dudung : “Cekap pisan,jig atuh geura
indit ti dieu”
Ika : “Ih pikasebeleun”
Dudung : “Pikasebeleun oge resep
pan?? Dadah neng geulis,hahaha” (Bari seuri)
Ika : “Jalma aneh dasar,ih!” (Bari
ngajauhan Dudung)
***
[DI BUMINA IKA]
Ika : “Assalamualaikum pa,”
BapaP : “Waalaikumsalam”
Ika : (lebet ka bumi bari baeud)
BapaP : “Euleuh-euleuh,aya naon Ika ?
Balik-balik langsung baeud kieu?”
Ika : “Tadi pas Ika uih ti Bumina
Mang Jamal,di Pasar Anyar aya nu ngaganggu”
BapaP : “Saha emang nu wani ngaganggu
Ika?”
Ika : “Eta tah pa,nu sok mentaan
artos jalma nu liwat.”
BapaP : “Saha emang? Di Pasar Anyar?”
Ika : “Teu terang Ika namina mah,tapi
mun teu salah mah preman di dinya”
BapaP : “Dipentaan sabaraha emang Ka
?”
Ika : “ 5 rebu wungkul sih,tapi pan
ngaganggu pa”
BapaP : “Engke ku bapa proses Ka,tenang
wae nya”
***
[POE ISUKNA DI SAKOLA..]
Oman : “ Assalamualaikum..”
Bu Guru : “ Waalaikumsalam,eh Oman,”
Oman: “ Punten Bu,Oman telat asupna”
Bu Guru : “ Sok calik Oman”
Oman : “Tumben pisan Bu Guru teu loba
omong,biasana pan pasti diomongan heula,saterasna calik,heuh aneh pisan” (
ngomong laun)
[BEL BALIK SAKOLA]
Bu Guru : “ Sok Dudi pimpin do’a”
Saterasna Dudi minpin do’a balik sakola,Bu Guru nyauran Oman.
Bu Guru : “Oman,kadieu heula”
Oman: “ Aya naon bu?”
Bu Guru : “Ieu aya serat pikeun bapa
sareng ibu Oman ti Bu Guru,dugikeun nya”
Oman: “Insya Allah Oman dugikeun bu”
Balik sakola Oman langsung balik ka bumina,neupi ka bumina,aya bapa na nu nembe uih ti Jakarta.
Oman : “Assalamualaikum,pa”
Bapa : “ Waalaikumsalam,tumben jam
sakieu geus balik ?”
Oman : “Guruna rapat pa,jadi mulangna
enjing keneh.”
Bapa : “ Oh,kitu,”
Oman : (bari sieun) “ Pa,ieu aya
titipan ti Bu Guru.” (bari masihan serat)
Bapa : “ Serat naon ieu Oman ?”
Oman : “ Oman ge teu terang pa,tapi
saur Bu Guru,Bapa sareng Ibu piwarang datang ka sakola jam 10 isuk pa,”
Bapa : “Asup ka kamar Oman,ulah ulin
anjeun !”
Oman : “ Muhun pa”
***
[POE ISUKNA DI RUANG GURU ]
Bu Guru : “Oman,mana bapa sareng ibu
Oman?”
Oman : “ Duka bu,tapi saurna,bapa
tiasa datang.Antosan wae bu sakedap”
Bapa : “Assalamualaikum”
Bu Guru: “Waalaikumsalam,manga calik
pa”
Bapa : “Hatur nuhun bu,punten bade
tumaros,aya peyogi naon nya sim kuring di undang ka sakola?”
Bu
Guru : “Jadi kieu pa…”
Sateuacanna Bu Guru ngarampungkeun omonganna,Ibu na Oman datang,tapi langsung nyandak posisi diuk nu teu deket Bapana Oman.
Ibu
: “Assalamualaikum”
Bu
Guru : “Waalaikumsalam,eh Ibuna Oman nya ? Mangga calik bu”
Ibu
: (nyandak korsi nu tadina deket Bapa jadi ngajauhan bapa) “Leres pisan Bu,aya
peryogi naon nya sim kuring di piwarang datang ka sakola?”
Bu
Guru : “Jadi kieu Pa,Bu,si Oman teh dina 3 bulan ka tukang prestasina nurun
pisan,kamari oge,sakali bolos sakola,sim kuring ningali sorangan anjeunna
bolos.Ku sabab enjingna teu lebet sakola,tapi siangna di tingali nuju meuntas
jalan bade ka arah Pasar Anyar”
Bapa
: “Jadi kumaha bu?”
Bu
Guru: “Sakali ieu,sim kuring salaku wali kelas masih ngampunan,tapi mun sakali
deui sim kuring teu tiasa ngabantuan,ku sabab tos jadi wewenang kepala sakola”
Ibu
: “Hatur nuhun pisan Ibu,mun kitu mah.Abdi salaku Ibuna Oman menta di hampura
nya bu.Duka da ieu oge,si Oman teh jadi badeur akhir-akhir ieu,awalna mah
anjeunna teh budak bageur.”
Bu
Guru : “ Tiasa dimakluman lah,atuh rumaja,masih keneh labil.”
Sanggeus kaluar ti ruang guru,bapana Oman sareng Ibuna Oman pasea deui,saling nyalahkeun saha nu jadi penyebab rubahna sikep Oman.
Bapa
: “ Tuh kan,ceuk bapa oge naon Ibu,ulah midamel di kantor.Yeuh hasilna kieu,si
Oman nu jadi korban !”
Ibu
: “Bapa bisana nyalahkeun Ibu wungkul,Bapa oge pan unggal poe balik
peuting,mana aya waktos pikeun kulawargi?!”
Bapa
: “ Bapa teh kepala kulawargi ibu,jadi Bapa kudu milarian nafkah pikeun Ibu
sareng Oman !”
Ibu
: “ Bodo teuing lah,kumaha Bapa.”
Bapa
: “Dasar Jalma Gurat Batu siah !”
Oman nu tos rarieut ningali jeung ngadangu Bapa sareng Ibuna pasea,langsung indit ka Bumina si Dudung.
Oman
: “Dung..Dudung!”
Dudung
: “Eh,jiga sorana si Oman nya Man?”
Maman
: “Jigana mah,Dung”
Oman
: “Titadi di geroan,teu aya nu ngajawab.”
Maman
: “ Eh,bener maneh Man,sorry
atuh,tadi ge kuring arek pisan nangtung,eh manehna kaburu datang,geus lah teu
jadi.”
Dudung
: “Tumben pisan maneh kadieu sorangan,aya naon?”
Maman
: “Paling oge masalah kolotna nu pasea deui,bener teu Man?”
Oman
: “Bener pisan Man,mangkana urang kadieu teh arek carita ka Maman jeung Dudung”
Dudung
: “Carita mah kudu make tarip atuh,konsultasi ka psikolog oge make
tarip,konsultasi ka uarang maenya henteu?”
Oman
: “Naon taripna ? Sangu padang deui?”
Dudung
: ”Betul pisan,geura atuh pangmeulikeun.”
Oman
: “ Ieu ge bade dipangmeserkeun Dung”
Waktos si Oman meser dahareun,datang Bapana Ika,nyaeta Pa Polisi,nu datang bade ngaringkus si Dudung,tapi si Dudung teu sadar bapana si Ika teh polisi.
BapaP
: (liwat hareupeun Dudung jeung Maman bari teu ngomong nanaon)
Dudung
: “Heh,tingali yeuh di dieu aya saha.Maen liwat wae,teu aya punten-punten acan
!”
BapaP
: “Kunaon emnag ari liwat di hareupeu aranjeun?”
Maman
: “ Liwat di di dieu mah kudu mayar pajak.Bener teu Dung?”
Dudung
: “Bener pisan,kusabab bapa tos liwat bari teu nghargaan urang jeung si
Maman,pajakna jadi dobel!”
BapaP
: “Pajak? Pajak naon ?”
Dudung
: “Wah,ieu mah api-api teu teurang ieu mah Man.”
Maman
: “Pajak liwat di dieu lah,dieu 10 rebu!”
BapaP
: “Oh jadi aranjeun nu sok mentaan artos ti batur.Hayu ngiring bapa ka kantor
polisi,aranjeun duaan ditahan!”
Pas Pa Polisi rapih ngomong kitu
teh,si Oman datang.Anjeunna nu teu terang aya penggerebekan,langsung wae nyamperkeun
si Dudung.
Oman
: “Dudung,yeuh sangu padangna geura di dahar,ceunah lapar! Eh,aya naon ieu?”
Maman
: “Ieu si Dudung,Man mentaan duit deui.Jadi urang milu di salahkeun”
Dudung
: “Naon sih Man? Maman oge nu salah,saha nu nitah mentaan duit coba?”
Maman
: “Abdi mah solider atuh,emangna si Oman.”
Oman
: “Solider? Naon maksudna emang?”
BapaP
: “Oh,jadi ieu hiji deui babaturan aranjeun? Aranjeun tiluan hayu ngiring bapa ka
kantor polisi,tong loba omong,engke wae jelaskeunna di kantor!”
Oman
: “Tapi abdi mah teu salah ieu pa..”
***
Dugikeun ka kantor polisi,bapana Ika
langsung ngabaran,yen preman nu ngaganggu Ika tos ditangkep.
BapaP
: “Assalamualaikum,Ika!”
Dudi
: “Waalaikumsalm,wa.Ieu Dudi.”
BapaP
: “Oh Dudi,Ika na mana Dud?”
Dudi
: “Tadi mah nuju ka pengker,antosan wa
sakedap.” “Ika..! Ika..!” (nyauran Ika bari ngagorowok)
Ika
: “Aya naon sih Dud? Meuni tarik-tarik teuing eta sora.”
Dudi
: “Ieu,bapa Ika nelepon” (Bari masihan teleponna ka Ika)
Ika
: “Waalaikumsalam,aya naon pa? Jigana aya nu penting nya pa?
BapaP
: “Bapa bade ngabaran,nu sok malak di Pasar Anyar tos ditangkep,geura Ika
kadieu,mastikeun bener atawa henteu ieu jalmina.”
Ika
: “Muhun atuh pa,Ika ayeuna kadinya”
Ika dugi ka kantor polisi bade ningali jalmi nu ditangkep bapana tadi.Bade mastikeun bener eta teh nu kamari ngaganggu anjeunna.
[
DI KANTOR POLISI ]
Ika
: “Pa,mana jalma nu tadi ditangkep?”
BapaP
: “Eh Ika sareng Dudi,sugan saha.Hayu bapa anter”
Ika
: “Teu sabar pisan da bade ningali jalmana “
BapaP
: “Ieu Ka,jalmina.Aya Tilu .”
Ika
: “Tilu Pa? Nu kamari mah ngan aya hiji”
BapaP
: “Nu bener Ka? Tadi bapa ningali dua deui di tempat kejadian”
Ika
: “Bener pa,”
Si Ika reuwas pas ningali jalma nu di
tewak ku Bapa na teh Maman sareng Oman.
Ika
: “Astagfirullahaladzim!”
Dudi
: “Aya naon Ika?”
Ika
: “Eta tingali geura Dudi,saha nu di tewak ku bapa abdi tadi!”
BapaP
: “Saha emangna eta Ika?”
Ika
: “Eta Maman sareng Oman,babaturan sakelas Ika.”
BapaP
: “Babaturan sakelas? Telepon atuh geura indung bapana”
Ika
: “Muhun pa”
Ika langsung nelepon ka bumina
Oman,kaleresan Ibuna nuju di bumi.
Ika
: “Assalamualaikum,halo”
Ibu
: “Waalaikumsalam,ieu sareng saha nya?”
Ika
: “Ieu Ika,ieu ibuna Oman?”
Ibu
: “ Leres pisan,aya naon emang?”
Ika
: “Kieu bu,Oman ayeuna aya di kantor polisi nu cakeut sakola,satiasa
mungkin,ibu datang kadieu”
Ibu
: “Hah! Kantor polisi ?! Aya naon emang ka?”
Ika
: “Ibu datang heula ka dieu,engke di terangkeun di dieu”
Ibu
: “Oh hatur nuhun informasi na ari kitu mah”
Ika
: “Sami-sami bu”
Ibuna Oman sareng bapana Oman gira-giru
angkat ka Kantor polisi sanggeus ngadangu kabar ti Ika.
Bapa
: “Assalamuaalaikum,pa”
BapaP
: “Waalaikumsalam,ieu bapa ibuna Oman nya? mangga calik di dieu”
Ibu
: “Aya naon nya pa?”
BapaP
: “Kieu bu,pa………”
Sanggeus pa Polisi nyaritakeun panggerebekan tadi,ibuna Oman langsung ngahinghing ceurik.
Ibu
: “Hiks..hiks..hiks..teras ayeuna kumaha pa,putra abdi?” (bari ceurik)
Ika
: “Tenang bu,Oman teu kunanaon” (Bari ngusapan pundak Ibu)
Bapa
: “Kumaha pa polisi?”
BapaP
: “Tadi Oman tos di periksa,anjeunna nyarios,yen anjeunna depresi ku lantaran
bapa sareng ibuna sok pasea,jadi anjeunna milarian pelarian ka jalan nu
salah,tapi ayeuna Oman tiasa dibebaskeun,ku sabab Oman terbukti teu salah.”
Bapa
: “Alhamdulillah,hatur nuhun pisan pa polisi.”
Ibu
: “Dimana Oman ayeuna pa?”
BapaP
: “Oman aya di ruang pengker,hayu ngiringan abdi”
Bapa sareng Ibuna Oman ngiring ka pengker sareng Pa Polisi bade nepangan Oman.
Ibu
: “Oman !! Teu kunanaon pan Man?”
Oman
: “Alhamdulilah bu,teu kirang saeueutik acan.”
Bapa
: “Bapa teu tiasa percanten yen Oman jadi badeur kieu,kunaon emang Oman?”
Maman
: “Pa,hampura pisan,abdi Maman rerencangan Oman,tos lila pisan Oman sok
nyaritakeun masalah bapa sareng ibuna nu sok pasea,jadi abdi mawa Oman ka
rerencangan abdi,namina Dudung.Dudung
the preman nu sok mentaan artos ti jalma nu liwat,pas kejadian,abdi sareng
Dudung nu keur mentaan artos tapi Oman pas kejadian karek pisan datang,tong
nyalahkeun Oman pa,salahkeun abdi sareng Dudung..”
Bapa
: “Oh jadi ieu budak nu mawa pangaruh goreng ka si Oman ! Badeur siah !
Ngarusak budak urang!” (bari ngayunkeun leungeun bade nampar Maman )
Oman
: “Pa,heup pa! Tong diteraskeun! Oman jadi kieu kusabab Oman depresi ningali bapa sareng Ibu unggal poe pasea,teu
aya waktos pikeun Oman,lamun bapa sareng Ibu bade Oman jadi budak nu bageur
jiga baheula,tulung Pa,Bu ulah pasea deui nya?”
Bapa
: “Bapa sareng ibu nyuhunkeun hampura atuh Man,Bapa sareng ibu ayeuna tos
nyadar yen paseana Ibu sareng Bapa ngabawa pangaruh goreng pikeun Oman,hampura
Bapa teu tiasa nyempetkeun waktos pikeun Ibu sareng Oman,Oman bade
ngahampurakeun Bapa ?”
Ibu
: “Oman,Ibu ayeuna sadar,pasea teh ngan ngajadikeun urang sangsara,Oman bade
ngahapunteun Ibu sareng Bapa?”
Oman
: “Bade pisan,Bu,Pa! Alhamdulilah ya Allah ayeuna kulawargi Oman tos akur deui
jiga baheula ! Pa,Bu,Oman oge bade nyuhunkeun dihapunteun manawi kamari Oman
gaduh seueur pisan kalepatan ka Bapa sareng Ibu”
BapaP
: “Alhamdulillah sadayana tos rampung,bener emang sadaya perilaku urang asalna
ti kulawargi,lamun kulawargina sae, insyaAllah pasipatan anggota kulawargina jadi sae oge”
Sadayana
: “ Amin..”